Selasa, 06 Maret 2018

Pidato bahasa Sunda tentang guru


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
ALHAMDULILLAHIRABBIL 'ALAMIIN WAL'AQIBATU LIL MUTTAQIN WALA 'UDWAA ILLA 'ALADH DHALIMIN.

Bapa/ibu salaku guru di sakola ieu, ges jadi kawajiban bapa pikeun ngajar, ngadidik, ngabingbing sarta mere pangarahan kana naon-naon usaha nu rek dilaksanakeun ku hidep sarera. Teu hilap bapa ngucapkeun selamat sarta penghargaan ka hidep sarerea anu boga gagasan pikeun ngayakeun pertemuan ieu.

Anapon maksud jeng tujuan pertemuan ieu, nurutkeun nu tos didugikeun ka bapa, teu aya sanes nyaeta ngabentuk hiji organisasi pelajar anu engkena nampung kagiatan hidep, boh dina bidang kasenian, olahraga, boh dina ngayakeun kelompok belajar jeng sajabana.

Kacida bapa patut ngahargaan gagasan-gagasan hidep ieu, lantaran ieu nunjukeun yen hidep bener-bener hayang usaha nekunan bakat-bakat nu ges kapimilik ku hidep. Nu nurutkeun pandangan bapa perlu dipupuk, dibina, diarahkeun dina palaksanaanana. Sangkan engkena jadi pribadi-pribadi anu berguna pikeun bangsa katut nagarana.

Sajabi eta wadah anu bisa nampung jeng nyalurkeun daya kreatifitas hidep, pelu ku bapa ditepikeun ka hidep dina kasempetan ieu, yen kagunaan organisasi eta ngarupikeun sarana pikeun ngabina karukunan, persatuan jeng kasatuan diantara hidep sarerea. Sangkan kaakraban, rasa persaudaraan jeng saling kenal diantara hidep beuki raket.

Jadi jelas ku terbentukna organisasi ieu, engke nunjukeun kahayang jeng kasumangetan hidep pikeun diajar, partisipasi dina kagiatan masyarakat sarta ngilu ulu biung sacara aktif ngagerakeun roda pangwangunan nasional.

Nu pang akhirna pangarahan ti bapa ieu oge, hidep bisa ngalaksakeun kagiatan ieu sacara hade, tapi ingetkeun ulah nepikeu ka mangaruhan atawa nyapirakeun kawajiban hidep anu utama nyaeta diajar.

Sakitu ti bapa nu kapihatur amanat sarta pegarahan pikeun hidep sarerea, selamat ngalaksanakeun kagiatan, selamat diajar nu bener-bener.

Wassalamu'alaikum Wr. Wb